Rabu, 06 April 2011

Malati Di Gunung Guntur

Malati di Gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sesetraning asa
Jadina dina mumunggang leuweung larangan
Malati di Gunung Guntur
Hanjakal henteu dipetik
Beja geus aya nu boga
Ngahaja melak didinya para guriang
Ayeuna kuring geus jauh
Malati sosoca gunung
Boa geus aya nu metik
Duka kusaha
Kamari jol aya beja
Malati ratna mumunggang
Majar can aya nu metik
Duka kunaon
Malati di Gunung Guntur
Ligar dina panineungan na panineungan
Na saha nu baris metik
Kuring mah da puguh jauh biheung kadongkang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar