Rabu, 06 April 2011

Kembang Tanjung Panineungan

Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun
Di pakarangan nu reumis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep
Geus opat taun katukang
Ema nyipta mulung bentang
Nu marurag peuting tadi
Bentang seungit ditiiran pangangguran
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun
Beut henteu sangka aya nu datang
Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
Nu opat poe teu mulang
Ngepung gunung pager bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur ka dieukeun dipulangkeun
Harita waktu layonna geus datang
Ema ceurik ieuh balilihan
Ras ka hidep ieuh na kandungan
Utun inji budak yatim deudeuh teuing
Harita waktu layon geus digotong
Ema inget ieuh kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieuh ti duaan
Anaking jimat awaking
Lamun ema mulung tanjung reujeung hidep
Kasuat-suat nya pipikiran
Tapina kedalna teh ku hariring
Hariring eling ku eling
Kana tanjung nu dipulung
Eh kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
Nu nyeungitan hate urang panineungan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar