Selasa, 01 Januari 2013

Pangapungan

Sampiung ngapung ka manggung
Ngapak mega ngawang-ngawang burudul
Burudul saulun baju barabat
Sawidak depa rup ku simbut rap ku lemah ieuh
Kapindingan indung peuting
Kahalangan mega malang geus
Pahiri-hiri jeung geuri
Paheula-heula jeung heulang
Tanding ciung moro gunung
Tanding walik moro lamping
Kadanca megat laratan moro panonobannana geuning ayeuna
Urang haturkeun deudeuh

Sabtu, 15 September 2012

Wuyung Gandrung

Aya naon di salira
Hoyong teh nepangan bae
Aya naon di salira
Kasono taya kendatna
Aya naon di salira
Mun tepang geumpeur rasana
Aya naon di salira
Rek naros sesah kedalna
Da eta imut ngukuntit bae
Da eta teuteup karaos ngan neuteup bae
Da eta deudeuh ngusapan bae
Da eta hate cumantel bae
Wuyung gandrung
Hoyong tepung
Wuyung gandrung
Hoyong sing geura kasorang hoyong sing geura kabandang

Sabtu, 19 Mei 2012

Longkewang

Baheula mun pareng nganjang
Suguhna imut nyi lanjang
Asih nu nganteur harepan
Pasini na kasadrahan
Baheula mun pareng nganjang
Suguhna imut nyi lanjang
Asih nu nganteur harepan
Pasini na kasadrahan
Emh deudeuh teuing na peuting heab naraka
Aya nyawa milar raga bebene mulang tiheula bebene mulang tiheula
Emh deudeuh teuing na peuting hujan cimata
Aya waruga palastra jajaka raheut hatena jajaka raheut hatena
Ayeuna mun pareng nganjang nu tembong ukur kalangkang
Mega mendung na jajantung lagu liwung na bangbarung
Ayeuna mun pareng nganjang nu tembong ukur kalangkang
Mega mendung na jajantung lagu liwung na bangbarung lagu liwung na bangbarung

Kuring Leungiteun

Leungiteun kuring leungiteun
Dikamanakeun ieuh dikamanakeun
Genclang herang cikahuripan di leuwi sipatahunan
Direka na papantunan kiwari ngan kari ngaran
Leungiteun kuring leungiteun
Dikamanakeun ieuh dikamanakeun
Dongeng endah katumbiri taraje dilangit nu asri
Widadari turun mandi lumungsur ti kahyangan
Gusti rumasa diri gagabah
Ngagadabah alam endah kagungan gusti
Gusti kiwari gunung bulistir
Nu tinggal caah jeung banjir ampun gusti ampun

Minggu, 22 April 2012

Tamperan Kaheman

Bibit bibit asih
Ku patepang unggal dinten janten tamperan kaheman
Kawit kawitna biasa
Ka eunteupan rasa era teu daya pasampeuk soca
Teu karaos janten galecok sorangan
Teu karaos janten ngumbar pangharepan
Saupami ieu hate tos sarua
Kunaon urang teu betus balaka
Najan rikip dipindingan
Cinta mah tetep nembongan
Saupami mending nembrak sakalian
Da kanyaah tos puguh pikeun eunteupna

Rabu, 04 April 2012

Bulan Dagoan

Bulan bulan kuring tulungan
Nepikeun raga katineung bulan raga katineung
Pangbejakeun kuring wuyung
Keur bingung puyang payengan
Duh bulan kuring tulungan
Pangnepikeun ieu lagu
Duh bulan kuring tulungan
Pangnepikeun ieu lagu
Bulan bulan kuring dagoan
Entong gancang-gancang mulang bulan tong gancang mulang
Ieu kuring cuang-cieung
Ka saha ku kuring midangdam
Duh bulan tong rusuh mulang
Ieu kuring cuang-cieung
Duh bulan tong rusuh mulang
Ieu kuring cuang-cieung ngan sorangan
Bulan bulan kuring tulungan
Nepikeun raga katineung bulan raga katineung
Pangbejakeun kuring wuyung
Keur bingung puyang payengan
Duh bulan kuring tulungan
Pangnepikeun ieu lagu
Duh bulan kuring tulungan
Pangnepikeun ieu lagu
Bulan bulan kuring dagoan
Entong gancang-gancang mulang bulan tong gancang mulang
Ieu kuring cuang-cieung
Ka saha ku kuring midangdam

Badminton

Badminton dimana-mana (badminton dimana-mana)
Di kampung jeung di kota (dikampung-kampung dikota)
Badminton jeung suka-suka (badminton jeung suka-suka)
Ngalipur manah brangta (BADMINTON)
Dismes bari ngajungkung
Dikap reket nyangigir
Dilob apung-apungan
Bekhen ti beulah kenca
Dismes kana net nyangsang
Dikap bulu kok coplok
Dilob kaluar aut
Lenspel ulin leutik keketrekan
Ngulangkeun reket diatur (ngulangkeun reket diatut)
Tingkahna maju mundur (uclag-aclog maju mundur)
Latihan ngarih di dapur (latihan ngarih di dapur)
Sareng ngagebug kasur (BADMINTON)
Dismes bari ngajungkung
Dikap reket nyangigir
Dilob apung-apungan
Bekhen ti beulah kenca
Sang kok kana net nyangsang
Long kok kahandapeun net
Teng kok kok kana kenteng
Rang kok kok disemes kana tarang
Badminton teh kaulinan (badminton teh kaulinan)
Nimbulkeun kasehatan (ngahudangkeun kasehatan)
Sehat badan jeung pikiran (sehat badan jeung pikiran)
Guna keur pembangunan (BADMINTON)
Dismes bari ngajungkung
Dikap reket nyangigir
Dilob apung-apungan
Bek hen ti beulah kenca
Euweuh kok ku bulu entog
Reket panggebug kasur
Tempat di kebon awi
Netna samping kebat tutumbuan