Minggu, 25 September 2011

Gerentes

Nalika salira neuteup duh aduh aya ku imut
Padahal duka ku saha patepang nembe didinya
Nalika salira imut ngadadak hate kapincuk
Padahal duka kasaha patepang nembe didinya
Teuteup ku seukeut kaselang kiceup teup eunteup
Nataran karep hayang padeukeut
Imut nu manis mapas damis nu geulis
Na hate tembus duh rayu romantis
Geter daria minuhan dada nu muka
Hayang mibanda duh ngantos cinta
Mugia kasurtikeun
Gerentes ati sing pareng ngabukti
Nalika salira pamit teutup imut naha teu leungit
Iraha deui hanjakal henteu pasini

Daun Pugur

Daun pugur dina pucuk ngoleang katebak angin
Kana pangkonan salira can tangtos baris kasurti
Liuh linduh tatangkalan di leuweung sumenang jati
Cai sekeh suku gunung canembrang palid ka hilir
Bongan salira teu terang motah seahna jati
Batan pendat na galura simpay kana siang wengi
Mangga tampi daun pugur marengan mungkasan jangji
Manawi pareng kamana nu sakumna tawis asih
Kanggo pangipukan kembang patamanan endah asri

Demi Wanci

Demi wanci satemena jalma aya dina rugi
Demi wanci satemena jalma aya dina rugi
Iwal anu iman iwal anu sholeh nu silih wasiatan dina bebeneran
Iwal anu iman iwal anu sholeh nu silih wasiatan dina kasabaran

Jumat, 23 September 2011

Lamunan

Ngolebatna mung sakedapan nembongan ukur ngemutan
Mangsa lawas nu kalakonan kiwari kagambar deui dina implengan
Dina anteng lamunan manteng mantengkeun rasa katineung
Nineung deui nineung deui dina sawangan kunaon sok rajeun datang
Lambey salira imut imutna ngagupay rasa
Soca salira neuteup teuteupna ngahudang cinta
Sagagang kembang kaheman saurna tawis katresna
Janten saksi geter asih urang duaan
Mung hanjakal geuningan ukur lamunan
Ngalakonan mangsa endah saliwatan
Mung harepan harepan anu marengan
Ngarep-ngarep bagja awak tinekanan

Rabu, 14 September 2011

Serat Salira

Serat salira wengi tadi tos katampi
Kantenan jungjunan kantenan mungguh éwuhna
Disangki serat katresna sabudeureun cinta urang
Geuningan lepat dugaan mundut mundur pipisahan
Serat salira dina jajaran kalima
Unggelna teu wasa mun kedah midua haté
Teu sapuk sareng aturan sok sieun teu kabadanan
Cangcaya moal laksana mendak bagja sasarengan
Teu nanaon jungjunan teu nanaon
Mun kitu kapalay salira
Lelembutan ngajerit nungkupan diri
Teungteuingeun téga téh kamalinaan
Nu munggaran urang tepung luhur panggung
Sutra genas nu nyacas kiwari kantun ngahelas
Imut-imut nu kamari teuteup surti nu kamari
Ayeuna duka kumaha pajar urang pileuleuyan