Rabu, 06 April 2011

Peuting Jeung Pangharepan

Jeup angin entong nyowara
Bongan henteu mawa beja duh mawa beja
Geus bentang ulah ngiceupan
Bongan teu mawa titipan duh gusti mawa titipan
Mega anggur gera leumpang
Pek pindingan itu bulan duh itu bulan
Bongan neuteup titatadi
Bongan neuteup titatadi tapi henteu mawa jangji duh teu mawa jangji

Duh peuting ku teungteuingeun
Datang ukur mawa keueung duh mawa keueung
Henteu ngirim pangharepan
Henteu beja – beja acan duh gusti teu beja acan
Boro lila ditungguan
Sugan anjeun babawaan duh babawaan
Datang mawa pihapean
Datang mawa pihapean talatah iber jungjunan duh iber jungjunan

1 komentar:

  1. Assalamu'alaikum.. Sampurasun, kang, Hatur nuhun kakawihanana ngabantos pisan. mugi tong liren nyutat literasi ngeunaan rumpakan lagu atanapi kawih-kawih Sunda. Hatur nuhun.. hehe..

    BalasHapus