Senin, 04 April 2011

Dua Saati

Waktu kuring panggih jeung manehna
Hate leutik nyarita naon maksudna
Waktu kuring wawuh aduh dag dig dug
Naha nya miasih aduh can puguh
Babarengan sauyunan
Silih asih saati ngahiji
Saptu sore sok tagiwur hate
Ngarep – ngarep datang tanda ning satia
Waktu kedal ucap ti manehna
Keubeuk ku rasa bagja aduh bungahna
Cipanon kabungah pikeun saksina
Kuring nampa cintana henteu nyalahan
Waktu kuring panggih jeung manehna
Hate leutik nyarita aduh manisna
Waktu kuring wawuh aduh bagjana
Hate ngan keur manehna aduh endahna
Babarengan sauyunan
Silih asih saati miheman
Paheut jangji moal pukah deui
Unggal Saptu sore datang ka manehna
Waktu kuring wakca ka manehna
Resmi ngajak tunangan paheut micinta
Ukur rangkul tresna pikeun jawabna
Kuring reujeung manehna hiji saati

Tidak ada komentar:

Posting Komentar