Rabu, 06 April 2011

Imut Malati

Imut malati
Wengi tadi jungjunan patepang deui
Nu kapiati
Ti kamari jungjunan dianti – anti
Ti gunung putri
Sareng saha salira lungsur ka landeuh
Lagu kamari
Ngagalindeng lalakon gending kadeudeuh
Najan sakedap jorelat tunjung balebat
Estu mo hilap karaos matak tibelat
Ku henteu terang mulihna
Ku henteu terang mulihna eh duka iraha
Najan mung imut saulas sakilat ilang
Tansah kairut hanjakal teu sering tepang
Ku henteu terang leosna
Ku henteu terang leosna eh geuning kamana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar