Senin, 04 April 2011

Di Langit Bandung

Jangjang peuting
Geus ngalingkup
Ngarungkupan dayeuh Bandung
Anu hibar sinar lampu
Panto ati
Geus narutup
Mipindingan kawih asih
Anu halon tur halimpu
Geus paanggang geuning
Urang pajauh
Rek kasaha diri
Nyungkem nyaluuh
Nu disungsi geuning
Nu diteangan
Duh ieung teu tembong-tembong
Geuning taya ngibaran
Dilalangit langit Bandung
Ngempur hurung bulan keur mayung
Dilelemah lemah Bandung
Kapidangdung-kapidangdung diri ditundung
Dilalangit langit Bandung
Ngempur hurung bulan keur mayung
Dilelemah lemah Bandung
Kapidangdung-kapidangdung diri ditundung

Tidak ada komentar:

Posting Komentar