Senin, 04 April 2011

Bulan Bandung Panineungan

Mun sareupna geus mimiti
Katembong nyimbutan Bandung
Angin lembang turun laun ngabubuhan
Langit mayung bulan beukah
Mangkat hiji lagu
Kedaling katineung ati deudeuh
Mun kareta pangakhirna
Geus anjog ka kota Bandung
Sinyal beureum malang deui ngahalangan
Kota hurung bentang mijah
Ngalaeu hiji lagu
Kedaling kasmaran pikir aduh
Harewos peuting marengan hiji impian
Bulan dilangit Bandung nyaangan
Ngagentraan paneuteupna pangimplengan
Langit isuk angger biru nya eulis da anggeur biru
Hariring peuting pamirig hiji impian
Bulan dilangit Bandung nyaksian
Wawakil ti pameunteuna panineungan
Kembang mawar angger beureum nya eulis da angger beureum
Mun radio geus karungu nembangkeun lagu pamungkas
Gelik sora anca alon pileuleuyan
Peuting cicing kota jempling
Jerit hiji lagu kedaling kakeueung hate deudeuh
Mun balebat gagantina geus hibar wetaneun Bandung
Angin lembang lalaunan muru tambang
Bulan surup langit biru
Tamat hiji lagu harepan tembong ngalanglang aduh
Harewos peuting marengan hiji impian
Bulan dilangit Bandung nyaangan
Ngagentraan paneuteupna pangimplengan
Langit isuk angger biru nya eulis da anggeur biru
Hariring peuting pamirig hiji impian
Bulan dilangit Bandung nyaksian
Wawakil ti pameunteuna panineungan
Kembang mawar angger beureum nya eulis da angger beureum

Tidak ada komentar:

Posting Komentar