Senin, 04 April 2011

Angin Priangan

Seungit angin priangan
Ngusapan embun – embunan duh embun - embunan
Hawar – hawar rerendahan ngahariring
Ayun ambing ayun ambing
Seungit angin kahyangan
Sumerepna lelembutan duh na lelembutan
Hawar – hawar rerendahan ngahariring
Eling – eling mangka eling
Deungkleung dengdek deungkleung dengdek sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah wasiat tanah duriat
Anu matak tibelat na raraosan
Deungkleung dengdek deungkleung dengdek sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah katresna jadi saraksa
Anu tetep marengan na lelembutan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar