Sabtu, 07 Mei 2011

Kapanggih Modal

Tepang dinten Senen
Pasosonten di pengkolan
Teu sangka dinten Salasa
Peudak deui lebah dinya
Aya janji dinten Rebo
Ulah lepat tepang tabuh tilu
Malah cenah dinten Kemis
Rek jajap tepi ka imah
Eh..........Juma’ah ngampleng
Duh........Saptu ge suwung
Rajeun panggih poe Minggu
Hareungeu jauh panyangka
Manehna keur mangku budak
Kasampak bangun nu reuwas
Kapanggih modal
Teungteuingeun aduh aduh teungteuingeun
Di luar ngaku jajaka
Di imah geus kulawarga
Teungteuingeun aduh aduh teungteuingeun
Untungna anu waspada
Teu cilaka diperdaya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar