Rabu, 06 April 2011

Sariak Layung

Sariak layung di gunung
Iber pasini patepung lawung
Teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
Eh… ngawangwang nu dipigandrung aduh
Harendong meuhpeuy harideung
Jalan satapak rarambu leuweung
Kumalangpang rongheap nu kapitineung
Eh… rongheap nu kapitineung duuh
Surya surup layung hibar
Ka tanjakan sawangan diumbar
Geus ngolebat ieuh samar-samar
Hariring asihna kapireung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang
Katitipan harewos kamelang
Tawis deudeuh ieuh nu maranti
Sungkeman kaheman saranggeuy malati

Tidak ada komentar:

Posting Komentar