Rabu, 06 April 2011

Reumis Beureum Dina Eurih

Bray balebat pangharepan
Hayam raong patembalan
Ngadigdig nyungsi laratan
Neangan sugan jeung sugan
Kamana atuh panutan
Basa lembur kahuruan duh kahuruan
Jol kalamping suku gunung
Ditempo sugan di kedung
Didongdon sugan kalisung
Kasawah sugan kasaung
Panutan geuning bet suwung
Piraku rek niat pundung rek niat pundung
Harita teh geus byar - brayan
Basa datang ka sampalan ieuh
Kembang eurih pareng nebak
Barodas baseuh cimata
Harita teh geus nyay - nyayan
Asa wirasat nu datang ieuh
Reumis beureum dina eurih
Bareureum baseuh ku getih
Gok amprok reujeung manehna
Keur sare bangun nu tibra
Imut mapag langit jingga
Kembang eurih sasarapna
Aduh geuning bareureum rupana
Aduh………………….. duh………… nu sare dewang dadana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar