Rabu, 04 April 2012

Hiji Catetan

Geus lawas carita urang duaan
Anu munggaran nyicikeun asih kamelang
Teu laas sanajan pada nyorangan
Kedalna lisan satia rek babarengan
Harepan ngayunkeun ka mega malang
Rek mipit bentang laksana nganjang ka bulan
Mekarna kembang endah pangharepan
Ngotret ingetan mukakaeun hiji catetan
Tapi kiwari ngan kuring anu ngageuri
Cuang cieung ngan sorangan
Honcewang hate baluweng
Nu miasih dipeupeurih
Nu mitineung ditinggalkeun
Teu sangka ku jalir jangji
Ku harianeun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar