Rabu, 04 April 2012

Badminton

Badminton dimana-mana (badminton dimana-mana)
Di kampung jeung di kota (dikampung-kampung dikota)
Badminton jeung suka-suka (badminton jeung suka-suka)
Ngalipur manah brangta (BADMINTON)
Dismes bari ngajungkung
Dikap reket nyangigir
Dilob apung-apungan
Bekhen ti beulah kenca
Dismes kana net nyangsang
Dikap bulu kok coplok
Dilob kaluar aut
Lenspel ulin leutik keketrekan
Ngulangkeun reket diatur (ngulangkeun reket diatut)
Tingkahna maju mundur (uclag-aclog maju mundur)
Latihan ngarih di dapur (latihan ngarih di dapur)
Sareng ngagebug kasur (BADMINTON)
Dismes bari ngajungkung
Dikap reket nyangigir
Dilob apung-apungan
Bekhen ti beulah kenca
Sang kok kana net nyangsang
Long kok kahandapeun net
Teng kok kok kana kenteng
Rang kok kok disemes kana tarang
Badminton teh kaulinan (badminton teh kaulinan)
Nimbulkeun kasehatan (ngahudangkeun kasehatan)
Sehat badan jeung pikiran (sehat badan jeung pikiran)
Guna keur pembangunan (BADMINTON)
Dismes bari ngajungkung
Dikap reket nyangigir
Dilob apung-apungan
Bek hen ti beulah kenca
Euweuh kok ku bulu entog
Reket panggebug kasur
Tempat di kebon awi
Netna samping kebat tutumbuan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar