Sabtu, 07 Mei 2011

Kapanggih Modal

Tepang dinten Senen
Pasosonten di pengkolan
Teu sangka dinten Salasa
Peudak deui lebah dinya
Aya janji dinten Rebo
Ulah lepat tepang tabuh tilu
Malah cenah dinten Kemis
Rek jajap tepi ka imah
Eh..........Juma’ah ngampleng
Duh........Saptu ge suwung
Rajeun panggih poe Minggu
Hareungeu jauh panyangka
Manehna keur mangku budak
Kasampak bangun nu reuwas
Kapanggih modal
Teungteuingeun aduh aduh teungteuingeun
Di luar ngaku jajaka
Di imah geus kulawarga
Teungteuingeun aduh aduh teungteuingeun
Untungna anu waspada
Teu cilaka diperdaya

Jeruk Manis

Jeruk manis wong ayu dimakan manis
Manis sekali kulit bijinya
Dilihat manis wong ayu dipandang manis
Manis sekali ati budinya
Jambu alas yo mas jambune kuning
Wis lawas ketemu maning
Jambu alas yo mas di palimanan
Wis lawas kulo kedanan yo mas kulo kedanan
Surabaya wong ayu berupa-rupa
Saputangan jatuh di lumpur
Suruh lupa, suruh lupa tak dapat lupa
Lupa sebentar di waktu tidur

Elekesekeng

Diantosan di pengkolan
Kunaon teu tembong-tembong
Kapan janji paheut janji
Piraku kapopohokeun
Leungo deui leungo deui ditempoan
Lain deui lain deui panasaran
Elekesekeng elekesekeng
Kangen aya kesel aya teu bisa kumaha
Diantosan di pengkolan
Ngajengkruk ampir dua jam
Keuheul aya ka sorangan
Paingan teu datang datang
Janjina kapan isukan
Diantosan di terminal
Geus paheut rek tabuh tujuh
Salse hudang subuh subuh
Maksakeun sanajan tunduh
Geusut dangdan make baju anu weuteuh
Disapatu menang nyemir tembong bersih
Indit ti imah satengah tujuh
Ngahariring lagu disko hate mah teu puguh
Geus jam tujuh tacan datang
Mimiti rasa hareudang
Jam salapan masih suwung
Janjina jam tujuh peuting
Kapaksa indit diteang
Diantosan di bioskop
Jam opat kahade hilap
Urang teupung cakeut lawang
Di dinya janji patepang
Balik ngantor rurusuhan boga janji
Dasar sial jalan macet hese nepi
Rek leumpang jauh rek nunggu kesel
Teu ku hanteu jalan mogok teu bisa kumaha
Pangkeselna mun ngantosan
Mun teulat sok seuseublakan
Lain deui lain deui tungtungna elekesekeng
Rek ambek ambek ka saha

Duh Manis

Duh aduh aduh manis
Ku manjang imut nu gandang
Deudeuh karaosna
Asih sumanding miheman
Geuning tumeurapna
Rasa cinta geugeut pageuh
Hamo bisa pisah
Cinta urang di tutugan
Duh aduh aduh manis
Mun nyanding imut nu geulis
Matak kapigandrung
Ku teuteup reujeung imutna
Tambah sono kapicangcam
Mun paamprok silih peuncrong
Aduh aduh manis
Pageuhkeun cinta nu urang
Waktos sareng di tutugan
Nu manis imut kareueut
Soca deudeuh teuteup seukeut
Pameunteu anu marahmay
Dua ati pada surti
Nyangreudkeun deudeuh kameumeut
Babareungan ngumbar tineung
Sauyunan