Senin, 08 Agustus 2011

Kudu Kasaha

Kudu kasaha urang ngumaha
Na ka indung duh na ka bapa
Kudu kasaha urang balaka
Pikeun nepikeun duka carita
Kudu kasaha urang nyalindung
Ka papayung nyalindung na ka pangagung
Kudu kasaha urang nyaluuh
Neda dijait geuning tina bangbaluh
Duh ieung tunggara teu euih-euih
Lah teu weleh nandangan peurih
Diteangan saha nu haat nulungan
Dipaluruh dimana geusan balabuh
Kudu kasaha urang ngageri
Iwal diri duh tahan uji
Kudu kasaha urang nya muntang
Jalan utama geuning iman ka gusti

Tidak ada komentar:

Posting Komentar