Senin, 08 Agustus 2011

Jatukrami

Dinten ieu dinten nu endah
Kabungah kanggo panganten
Dinten ieu dinten kabagjan
Laksana nyanding putusan
Nu kamari jangji pasini
Nu kiwari ngajatukrami
Jaler istri resmi ngahiji
Lalugina bagja diri
Nu duaan sapamadegan
Meungkeutkeun asih kaheman
Duriat ngarakit katresna
Mugia bagja marengan
Nu rendengan paduduaan
Kacipta endahna rasa
Silih beulit ku kaasih
Silih simpay ku kanyaah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar