Rabu, 06 April 2011

Wengi Enjing Tepang Deui

Disimbutan ku halimun
Diaping ku indung peuting
Lalaunan ngalayangna sukma ninggalkeun jasmani
Emh aduh sukma ninggalkeun jasmani
Ngalayang ka awang-awang
Ret nepangan ka nu tebih
Nepungan ka urang gunung
Malati di pinggir pasir
Kakara pisan ligarna
Kapendakna tacan lami
Katuruban dangdaunan
Kahempi ka nagara sari
Kembang diburu dirungrum
Sawengi henteu kapanggih
Patapan henteu kalanglang raraosan mah sawarsih
Emh aduh raraosan mah sawarsih

Hawar-hawar sora hayam
Ciri parantos janari
Nu nyumput teh humarurung
Teungteuingeun milik diri
Harianeun teuing kadar
Misahkeun anu keur asih
Kembang nganggo dihalangan
Ditundung ku indung peuting
Gunung geus aya di pungkur
Indit haté mah murilit
Duh……. indit hate mah murilit
Miang ge da sumoreang
Parangtritis kapiati
Aduh enung pileuleuyan wengi enjing tepang deui
Duh aduh wengi enjing tepang deui

Tidak ada komentar:

Posting Komentar