Kamis, 14 April 2011

Harewos

Hayang ieu lagu tepi kanu dipiati
Tingtrim galindengna ngentringan rasa asihna
Bongan rasa dikukusut
Ku sora reujeung imutna cumantel bae
Geter harewos kamelang
Najan reujeung babarengan dina asih anu manjang
Geter katresna miheman
Aya asih nu melentis eunteup deudeuh ka manehna
Hayang ieu lagu tepi kanu dipiati
Sugan nu dianti bisa ngarti
Haying ieu lagu ngagalindeng ka dirina
Nampa asih kuring nu miharepkeun cintana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar