Kamis, 14 April 2011

Harewos

Hayang ieu lagu tepi kanu dipiati
Tingtrim galindengna ngentringan rasa asihna
Bongan rasa dikukusut
Ku sora reujeung imutna cumantel bae
Geter harewos kamelang
Najan reujeung babarengan dina asih anu manjang
Geter katresna miheman
Aya asih nu melentis eunteup deudeuh ka manehna
Hayang ieu lagu tepi kanu dipiati
Sugan nu dianti bisa ngarti
Haying ieu lagu ngagalindeng ka dirina
Nampa asih kuring nu miharepkeun cintana

Sabtu, 09 April 2011

Bungur Jalan ka Cianjur

Bungur jalan ka Cianjur
Gunung pangrango ngadago teu weleh sono
Jentreng kacapi gelikna suling
Geus deukeut ka Pajajaran ceuk galindeng cianjuran
Bungur jalan ka Cianjur
Ka cibalagung nu liwung teu weleh gandrung
Jentreng kacapi gelikna suling
Jauh keneh ka Pakuan ceuk galindeng panineungan

Lembur Kakasih

Tuh pengkolan anui bras ka ajalan gede nu mawa guligah hate
Tuh cirina tangkal anu ngarandakah nu linduh tempat bumetah
Tuh lemburna kahalang sawah jeung pasir nu mawa seredet geter
Tuh walungan nu bersih herang caina sawening rasa cintana
Didinya gelarna cinta munggaran
Didinya harepan meklar kembangan
Endah panineungan teu kasilih pedah pisah
NU mapag teu ilang - ilang nembongan satiap waktu
Duriat manjang
Kakangen manteng
Lembur teh lemah kakasih
Pangancikan pangbalikan pulas hate wening bersih

Hamdan

Hamdan lirabbil alamin
Allahu rahman warahim
Qadqarruba fathul mubin
Innahu huwas samiul alim
Puji kagungan pangeran
Nu maha welas tur heman
Gusti mangka muka pura bagja
Allahu ya rabbi mantenna maha uninga
Solawat solawatan
Barokat barokatan
Ala Muhammad rasulih
Waala ali Wa sohbih
Salam sinareng solawat
Muga netes ka Muhammad
Natrat ka para karabat
Para ahli jeung sohabat

Rabu, 06 April 2011

Wengi Enjing Tepang Deui

Disimbutan ku halimun
Diaping ku indung peuting
Lalaunan ngalayangna sukma ninggalkeun jasmani
Emh aduh sukma ninggalkeun jasmani
Ngalayang ka awang-awang
Ret nepangan ka nu tebih
Nepungan ka urang gunung
Malati di pinggir pasir
Kakara pisan ligarna
Kapendakna tacan lami
Katuruban dangdaunan
Kahempi ka nagara sari
Kembang diburu dirungrum
Sawengi henteu kapanggih
Patapan henteu kalanglang raraosan mah sawarsih
Emh aduh raraosan mah sawarsih

Hawar-hawar sora hayam
Ciri parantos janari
Nu nyumput teh humarurung
Teungteuingeun milik diri
Harianeun teuing kadar
Misahkeun anu keur asih
Kembang nganggo dihalangan
Ditundung ku indung peuting
Gunung geus aya di pungkur
Indit haté mah murilit
Duh……. indit hate mah murilit
Miang ge da sumoreang
Parangtritis kapiati
Aduh enung pileuleuyan wengi enjing tepang deui
Duh aduh wengi enjing tepang deui

Salempay Sutra

Salempay sutra
Disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan
Duh ti jungjunan
Salempay sutra
Disulam mangrupa kembang
Tawis asih ti kakasih
Duh ti kakasih
Ngaraketkeun hubungan batin duaan
Mupus waswas jeung cangcaya
Dijuruna disulam ngaran singgetan
Ngaran kuring jeung manehna
Salempay sutra
Disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan
Duh ti jungjunan
Hiji tawis soca deuh salempay sutra
Jadi jimat pangreugreug ati
Disulam narawang deuh salempay sutra
Geuning ngidem harepan
Salempay sutra
Disulam mangrupa kembang
Tawis asih ti kakasih
Duh ti kakasih

Sariak Layung

Sariak layung di gunung
Iber pasini patepung lawung
Teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
Eh… ngawangwang nu dipigandrung aduh
Harendong meuhpeuy harideung
Jalan satapak rarambu leuweung
Kumalangpang rongheap nu kapitineung
Eh… rongheap nu kapitineung duuh
Surya surup layung hibar
Ka tanjakan sawangan diumbar
Geus ngolebat ieuh samar-samar
Hariring asihna kapireung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang
Katitipan harewos kamelang
Tawis deudeuh ieuh nu maranti
Sungkeman kaheman saranggeuy malati