Selasa, 07 Februari 2012

Tembang Kasmaran

Ligar insani titis kaheman
Putih malati asih sungkeman
Arum kalbu ngawangian sanubari
Angin nebar dalingdingan alam nyaksi pasinina
Lambey kayas meundeut renghap sakedapan
Simpe ngawirahma geter pamirigna
Kantun lagu panutan
Nu mukakeun lawang tineung
Nu ngusik lalakon urang
Kantun imut panutan
Nu ngajak mulang lalakon
Nu ngeundeuk lenyap katresna
Muka lambaran geter kasmaran
Asa duaan tembong deui paguneman
Muka lambaran geter kasmaran
Tineung marengan jeung lelenyapan
Moal hilap kana rupining kaheman
Aya salam aya salam
Salam manis tikatebihan