Rabu, 25 Januari 2012

Bangbara

Katresnan deudeuh nu maneuh
Teu luntur kungsi pasini pajauh
Katresnan deudeuh nu maneuh
Nu waas nyorang papisah papisah
Gumebyar caangna bulan
Kungsi kahalangan mega duh
Asih jatining wanci
Tutulisan nu pinasti
Bangbara leungiteun kembang
Karungkupan dangdaunan
Bangbara duh bangbara
Urang sieun katalimbeng
Bangbara leungit teu pamit
Nu ilang geusan pamuntangan
Nu ngancikan nitis asih
Ditaman langgeng kaheman

Senin, 09 Januari 2012

Asih Abadi

Sajuringkang lemah putih
Tatapakan meureut getih
Nyadidieu awor asih
Neundeun harepan
Nyengcem angkeuhan
Dina galindengna kawih
Asih tumekaning batin
Nyaah tinandonan nyawa
Demi lautan katut ombakna
Demi daratan katut gunungna
Ditapel wates ngajega
Ngajangan jati waruga

Rabu, 04 Januari 2012

Peuting Nu Urang

Peuting ieu enung peuting nu urang
Sepi jempling taya suara hariring matak hariwang
Alam endah disanding bulan purmana bulan purmana
Simpe jempe matak betah ngumbara dipawenangan dipawenangan
Peuting eta enung kuring kapahung
Sasar lampah henteu puguh nu dijugjud ilang tujuan
Natar ngidul milang imah ngitung lembur nyileuk katukang
Malik ngaler mapay tapak jog anjog ka gedong kosong nu poek mongkleng
Peuting nu urang harita datang
Ukur nembongan reup sakiceup geus euweuh
Peuting nu urang peuting impian
Inditna bareng jeung inditna cahaya

Puspita

Puspita teh kembang
Nu asri dalingding siang
Puspita teh lambang
Nu mangkak ligar dina hate urang
Puspita teh cinta
Nurandakan ku kanyaah
Puspita mustika
Nu medal tina acining kaheman
Waktos ka ambung dina tembang
Wawangina sumerepna lelembutan
Harita aya geter waktos damis kagaris
Siap pameunteu nu kapireung wuwug manis
Dina kembang dilambangkeun cinta urang
Dina lagu dipantengkeun asih urang
Puspita... lagu kalbu
Pujaan satiap waktu keur urang