Jumat, 11 November 2011

Samoja

Kedalna asih na bulan pinuh mamanis
Hiji jangji pasini na rasmi ning wanci
Mangsa samoja jongjon kembangan
Duh eulis langit lenglang angin rintih dina ati duh
Lalakon lawas na bulan pinuh katineung
Aya jangji pasini nu henteu ngajadi
Mangsa samoja geus ngarangrangan
Duh ieung langit angkeb samagaha dina ati duh
Ayeuna kantun waasna jungjunan
Lalakon katukang diteang ngan ku ciptaan
Kamari nu pamit kamari nu pamit
Datang deui na kalangkang
Ayeuna tinggal ngangresna jungjunan
Lalakon nu pegat disambungan ku ciptaan
Kamari nu leungit kamari nu leungit
Rek lebeng mo deui datang