Senin, 08 Agustus 2011

Kembang Balebat

Bagea kembang balebat
Ditaman mandala purwa
naon bacaeun ayeuna maca beurang ku beurangna
Ngaji peuting ku peutingna deresan na papatunan
Da hirup ngan sakolebat
Diudag-udag balebat
Ditutur-tutur ku layung
Ngalungsar diperjalanan
Engke atawa isukan saha nu terang

Katumbiri Asih

Tawis soca katresna
Simpay asih ti salira
Karaos neundeun hartosna
Bingah nampina
Tawis soca katresna
Kaemutan ku salira
Karaos ngahudang bagja
Taya hinggana
Ngeleten beulit gagangna
Nyirian rema panangan
Dianggona unggal dinten
Napel nyantel mapaesan
Batuna merah dalima
Disangga emas watangan
Nyangcam tineung rasa cinta
Dumelit ngentring asihna
Tawis soca tawis soca
Panganteurna nganggo serat cenah mugi katampi
Tawis soca tawis soca
Haturan tampi lumayan cenah tinu mikaheman

Jatukrami

Dinten ieu dinten nu endah
Kabungah kanggo panganten
Dinten ieu dinten kabagjan
Laksana nyanding putusan
Nu kamari jangji pasini
Nu kiwari ngajatukrami
Jaler istri resmi ngahiji
Lalugina bagja diri
Nu duaan sapamadegan
Meungkeutkeun asih kaheman
Duriat ngarakit katresna
Mugia bagja marengan
Nu rendengan paduduaan
Kacipta endahna rasa
Silih beulit ku kaasih
Silih simpay ku kanyaah

Duh Indung

Duh indung ngaraksa ngajaring anak
Najan rungsing matak pusing
Henteu weleh deudeuh mikanyaah asih
Dimongmong jeung dititimang
Duh indung ngaping ngadama-dama anak
Ngamumule buah hate
Ngajungjung tur ngugung-ngugung
Anak dijieun puputon
Duh indung duh indung
Timan titi ngamongmong anak
Duh indung aduh indung
Henteu kendat ngadudu'a

Kembang Asih

Kembang asih di mumunggang
Ka tebak angin ngadalingding
Oyag-oyagan lir nu ngagupayan
Jiga jajaka anu rek amitan
Deudeuh teuing deudeuh teuing
Nu amitan teu ditemonan
Sok sieun terus pundungna
Boa moal balik deui
Kembang asih nu geus lawas
Katebak angin patumbuan
Awur-awuran jauh ti tempatna
Bet jiga runtah nu taya hargana
Deudeuh teuing deudeuh teuing
Silih asih nu taya buahna
Inggis layu jeung tangkalna
Boa ruksak jeung tangkalna

Kudu Kasaha

Kudu kasaha urang ngumaha
Na ka indung duh na ka bapa
Kudu kasaha urang balaka
Pikeun nepikeun duka carita
Kudu kasaha urang nyalindung
Ka papayung nyalindung na ka pangagung
Kudu kasaha urang nyaluuh
Neda dijait geuning tina bangbaluh
Duh ieung tunggara teu euih-euih
Lah teu weleh nandangan peurih
Diteangan saha nu haat nulungan
Dipaluruh dimana geusan balabuh
Kudu kasaha urang ngageri
Iwal diri duh tahan uji
Kudu kasaha urang nya muntang
Jalan utama geuning iman ka gusti

Bulan Langlayangan Peuting

Bulan teh langlayangan peuting enung
Nu ditatar dipulut ku tali ghaib
Entong salempang mun kuring miang ditatar ditatar sunda
Dipulut nya balik deui kadieu ieung masing percaya
Bulan teh langlayangan peuting enung
Nu ditatar dipulut ku tali ghaib
Entong salempang mun kuring miang ditatar ditatar sunda
Dipulut nya balik deui kadieu ieung masing percaya
Bedil geus dipeloran
Granat geus disorendang
Ieu kuring arek miang jeung pasukan Siliwangi
Ka Yogya hijrah taat parentah
Bedil geus dipeloran
Granat geus disorendang
Ieu kuring arek miang jeung pasukan Siliwangi
Ka Yogya hijrah taat parentah

Biru

Biru teh warna kameumeut
Pulas kangen nulis bathin
Biru teh rasa kageugeut
Sulur getering duriat
Sapertos biru na langit nya enung
Teuteup amparan harepan kabagjan nembongan
Sapertos biru na laut nya enung
Liuh galuraning asih liah sesetraning manah deudeuh
Biiiiiiruu pamidangan bulan bentang
Pakalangan beurang peuting
Biiiiiiruu kangen urang rasa urang
Jadilambang kateguhan anu wening
Sapertos galura cinta nya enung
Biru teh anteb mamanis kasmaran romantis
Sapertos galindeng tembang nya enung
Biru teh hariring tembang sungkeman sanghiang tineung

Rabu, 03 Agustus 2011

Anggrek Bulan

Kembang anggrek bulan
Bodas nyacas hate na rangkulan
Kembang anggrek bulan
Ligar manggkak dina tatangkalan
Kembang anggrek bulan
Kaendahan keur di patamanan
Basa kuring nyawang
Hiji kembang bangun nu ngiceupan
Samar-samar eta mah ukur impian
Basa kuring keur nyawang ti kaanggangan
Anggrek bulan nu ngancik dina impian
Hate kuring nyawang kanu keur paanggang

Maha Suci Allah

Pek ucapkeun asma na Allah
Maha tunggal dzatna numurkeun alam
Nu teu kantos ngayugakeun katurunan
Nu teu dilahirkeun tur taya bandingna
Nu maha suci Allah Subhanallah
Nu maha agung Allah Allahu Akbar
Nyandarkeun diri mung ka gusti
Sumujud tong baha tumetep istiqomah