Kamis, 30 Juni 2011

Girimis Ka Sorenakeun

Girimis ka sorenakeun
Ngeunteungan ewu katineung
Katumbiri payung langit awor jeung cipanon ngeumbeuh
Awor jeung cipanon ngeumbeuh
Ngalangkang galeuh lamunan
Ngaliwung kalbu nu liwung
Naon deui nu rek didagoan
Duh kabeh geus mungkas adegan
Geus tamat lalakon leungiteun udagan
Mungkas mangsa pikeun muja jeung dipuja

Puncak Bogor

Angin ngahiliwir nebak pucuk daun
Nu ting arulang di Puncak Bogor
Hawa seger bersih linduh kebon enteh
Nu hejo ngemploh di Puncak Bogor
Urang turun ka landeuh
Silih cepeng panangan
Karaos pageuh
Di Puncak Bogor
Leumpang sareng pakalen
Geter asih sumanding
Ngentring hariring
Di Puncak Bogor
Di Puncak hate urang manteng
Di Bogor cinta urang ligar mekar
Mun jaga urang neang tempat eta
Mugia Puncak Bogor tetep lana

Wangsit Siliwangi

Baheula kacapangan
Jaman ngadeg galuh pakuan
Nu kamashur Pajajaran
Tempat payung kaadilan
Ayeuna dikondangan
Numpes nu mawa paesan
Nyukcruk galur cacandran
Siliwangi pupuhuna
Kapahlawanan
Juru bakti perjuangan
Lambang kajayaan
Tepung kana perjuangan
Kiwari geus gumelar
Putra ti Pajajaran anyar
Wawangina sumebar
Sajagat raya kawentar
Ampuh simpuh tur sabar
Ksatriaan binekar
Siliwangi ginanjar
Seungit nyambuang kamashur
Wangsit mitutur
Nepungkeun asma nu luhur
Wawanenna ka ukur
Numpes ka jalan takabur